Paguron penca silat Budi Hati Indonesia ( BHI ) pimpinan Dadan Darmawan , anu nganjreukna di weuweungkon Katapang Wetan Kp. Sukamulya RT 03 RW 08 Desa Pangauban Kec. Katapang, ngagelar seni ibing penca silat anu diharep teu aya lian mibanda tujuan pikeun ngaronjatkeun tali ukhuwah silaturahmi papada paguron anu aya di sabudeureun wilayah Kab. Bandung, pikeun leuwih anteub dina eunggoning ngaronjatkeun nilai-nilai luhur tatali budaya karuhun, repeh rapih,paheuyeuk-heuyeuk leungeun pa antay-antay panangan ngahijikeun pikir, nyebarkeun rasa sumanget sabilulungan jeng papada urang.
Camat Katapang Drs Nu'Man Mu'min |
Hal anu sarupa di ungkapkeun ku Camat Katapang Drs. Nu'man Mu'min,sareng Ai Siti watisah anu ngawakilan Ketua DPD PPSI Kab. Bandung, nganyatakeun rojonganana kana di gelarna kagiatan dina enggoning ngamumule gelar seni penca silat, anu dilaksanakeun ku paguron BHI katut paguron-paguron laina,diantarana paguron nuhadir kana eta acara nyaeta paguron Gajah Putih,Sinar banten, Tapak Tilas,Kidang kancana jeng nu nata acara ti paguron Budi Hati Indonesia ( BHI ) kab. Bandung, Pimpinan ketua Umum BHI Dadan Darmawan.
Nurutkeun Drs H.Juhana M.Mpd. digelarna acara Gelar seni budaya penca silat BHI, anjeuna ngaraos reueus ku ayana di pileumburan masih keneh aya anu ngokolakeun seni budaya penca silat sareng anjeuna ngajanjikeun pikeun ngamumule seni budaya penca silat sareng nu sanesna pikeun ngagelar acara pasang giri seni budaya di programkeun jadi agenda kahareupna, sabab ku digelarna acara seni ibing penca silat ieu sanes hungkul ngandung harti pikeun jago jagoan tapi seni bela diri penca silat nyaeta pikeun ngaronjatkeun nilai jati diri hiji bangsa jeng nyangred pageuh tali silaturahmi sareng ningkateun ukhuwah islamiyah.
Drs.H.JuhanaM.MPd |
AKP Asep Saepudin Ka.Polsek Katapang |
Kapolsek Katapang AKP. Asep Saepudin, " ngarojong Pisan kana digelarna kagiatan seni ibing penca silat ieu, kusabab ajang seni budaya eta tiasa di janteunkeun wadah kanggo generasi nonoman supaya teu tigebrus kana hal-hal anu teu dipiharep jeng dijadikeun pelopor keur ngurangan kagiatan geng motor anu keur mahabu dina mangsa ayeuna, AKP.Asep Saepudin oge miharep budaya seni ibing penca silat ieu oge terus di mumule ulah dugika sirna di leumah cai urang ieu.
Dadan darmawan Ketua Umum Paguron Budi Hati Indonesia ( BHI ), dina raraga ngamumule seni budaya sunda khususna penca silat, sareng kanggo leuwih ngaronjatkeun nilai-nilai silaturahmi antawis paguron anu aya di sabudeuren wilayah kab.Bandung Dadan Darmawan atas nami rengrengan paguron seni budaya penca silat, khususna BHI ngadugikeun rasa tumampina ka ais pangampih kab. Bandung Ka. Bupati bandung H dadang Naser SH. S.Ip, Ka. Dinas Pendidikan dan kebudayaan Kab. Bandung Drs. H Juhana M.MPd, sinareng rengrenganana, Camat Katapang Drs. Nu'Man Mu'min, Ai Siti watisah wawakil DPD PPSI Kab. Bandung,Kapolsek katapang AKP Asep Saepudin ( wilujeng ngemban tugas di Polsek Katapang ), Kades Pangauban, sareng sadaya anu ngarojong digelarna kagiatan seni ibing penca silat ieu, ngahaturkeun nuhun anu taya wates wangena bingah kalingga murda mudah mudahan kasuksesan digelarna acara seni penca silat ieu mudah-mudahan janten kasuksesan seni budaya Kab. Bandung. kagiatan eta mintonkeun sababaraha kaparigeulan seni ibing penca silat ti sababaraha paguron anu hadir dina eta gelar acara ( krd/jlajah )
0 comments:
Posting Komentar