Rabu, 26 Januari 2022

Bupati Bandung Ngalantik Pangurus Cabang Dewan Masjid Indonesia Dapil Hiji jeung Dua

Bupati Bandung Dadang Supriatna Ngalantik PC DMI Dapil Hiji jeung Dua


Soreang, Jelajah News (26/01)

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngalantik Pangurus Cabang Dewan Masjid Indonesia (DMI) Dapil Hiji jeung Dua. 

Dina kasemeptan eta Dadang Supriatna ngucapkeun wilujeng mancen tugas ka para pangurus DMI nu tos dibentuk oge dilantik di tiap kecamatan di Dapil hiji jeung dua, "anu salajengna mangga ku pangurus DMI data masjid nu aya di daerahna masing-masing supaya ditertibkeun utamina dina surat wakaf atanapi hibahna, margi seueur kajantenan salah sawios masjid atanapi pasantren anu tos maju, digugat ku para ahli warisna" 

Salajengna Dadang Supriatna negeskeun yen salah sawios tugas DMI nyaeta supados tiasa nertibkeun masalah masjid nu nembe oge nyuhunkeun bantosana ka Kemenag Kabupaten Bandung supados dibantos DMI kangge nguruskeun oge ngalereskeun surat hibah atanapi wakafna.

Masih dina kasempetan harita, Dadang Supriatna nerangkeun yen dina taun ayeuna bantuan insentif guru ngaji dianggarkeun saratus salapan miliyar mudah-mudahan tiasa karealisasikeun jeung taya potongan sabab insentif eta langsung ditransfer kana rekening masing-masing guru ngaji. (Asdar)

0 comments:

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | cheap international calls